NGAMUMULÈ BASA SUNDA

NGAMUMULÈ BASA SUNDA Contact information, map and directions, contact form, opening hours, services, ratings, photos, videos and announcements from NGAMUMULÈ BASA SUNDA, Restaurant, Ciamis.

05/07/2022

LALAKON BUBARNA HIJI GRUP WA

Mimitina aya guneman kieu, sabada Sari asup jadi anggota.
😃 Abah Dèdi
Wilujeng gabung Sari, mugia teras bumetah.
😊 Sari
Hatur nuhun, Bah Dèdi. Nyuhunkeun apinganana wè, apan abdi mah anggota ènggal.
🤠 Abah Dèdi
Ih, kantenan. Husus kanggè salira mah, sanès waè apingan, nu sanèsna ogè mo burung dikorètkeun.
😉 Agus Mulyana
Wilujeng tepang Sari, sok sanaos tepangna ukur dina grup. Mugia wè dina hiji mangsa mah, urang tiasa paamprok jonghok.
Dimana linggih tèh?
😊 Sari
Nuhun, Kang Agus. Ayeuna Sari linggih di Bogor, saprak pun bapa sareng pun biang ngantun, di rorompok tèh cuang-cieung, da mung abdi nyalira.
😘 Indra Budiman
Ih, geuning mani luasan cuang-cieung nyalira? Kumaha upami ku akang disarengan?
😊 Sari
Bingah pisan, Ang Indra. Iraha-iraha diantos di Bogor atuh.
😎 Cècèp
Asiiiik ....
Ulah Kang Indra waè nu diangkir tèh, da abdi gè sami hoyong silaturahmi ka bumi salira.
😊 Sari
Mangga tèh teuing, Kang Cècèp. Sasaha ogè nu seja silaturahmi mah ku Sari diantos di Bogor.
😋 Abah Dèdi
Abah gè hoyong silaturahmi ka Bogor ah, sakantenan badè balanja tas di Tajur. Sari seneng tas?
😊 Sari
Ah, ulah ngarèpotkeun Abah.
🤓 Abah Dèdi
Bilih nyasar upami Abah ka Bogor, nya saha jenengan lengkep salira tèh?
😊 Sari
SARIFUDIN, Abah.
Abah Dèdi kaluar ti grup.
Agus Mulyana kaluar ti grup.
Indra Budiman kaluar ti grup.
Cècèp kaluar ti grup.
Kabèh admin kaluar ti grup, tinggal Solèh sorangan, kadua Sari.
😊 Sari
Naha Kang Solèh teu ngiring kaluar?
☺ Solèh
Akang mah badè husnudzon wè, manawi sosobatan urang, sok sanaos dina dunya maya tiasa langgeng sareng aya hikmahna.
😊 Sari
Alhamdulillah. Saleresna tadi teu acan tamat ngawakcakeun wasta tèh, da saleresna mah abdi tèh wanoja, wasta lengkepna Siti Badriyah Sarifudin. Ari Sarifudin mah jenengan pun bapa. Ayeuna abdi di Bogor tèh nyorangan, da sadikantunna ku pun bapa sareng pun biang, pun lanceuk gè teras ngiles duka ka mana. Tos sapuluh taun carogè abdi ngilesna tèh. Mudah-mudahan wè Kang Solèh tiasa janten gegentos carogè, muhun janten imam Sari.
☺ Solèh
Alhamdulillah ...
😊 Sari
Upami jenengan lengkep Kang Solèh tèh saha?
☺ Solèh
SITI SOLÈHA!
Sari kaluar ti grup. Tinggal Solèh, cuang-cieung nyorangan.
😂😂😂 🙈 🙈 😝😜

09/06/2022
24/11/2021

"RUNDAYAN TURUNAN"

1. Kuring (Bapa/Indung)
2. Anak
3. Incu
4. Buyut
5. Bao
6. Udeg-Udeg
7. Canggah
8. Waréng/Canggahwaréng
9. Kaitsiwur/Gantungsiwur
10. Gêrpak
11. Tambakgalêng
12. Dêngdêng
13. Jumlêng
14. Amlêng
15. Pet Ku Hinis

*🌾Istilah Pancakaki🌾*

1. 👨‍👩‍👧‍👦Rundayan Atawa Turunan

*-Anak*, turunan kahiji.
*-Incu,* turunan kadua, anakna anak.
*-Buyut*, anak incu.
*-Bao*, anakna buyut.
*-Janggawaréng* atawa canggahwaréng, anakna bao.
*-Kaitsiwur,* anak janggawaréng

2. 👨‍👩‍👧‍👦Ka luhur

*-Bapa,* lalaki nu boga anak, salaki indung.
*-Indung*, awéwé nu boga anak, pamajikan bapa.
*-Aki*, bapana indung atawa bapa.
*-Nini,* indungna indung atawa bapa.
*-Buyut,* indung/bapana aki atawa nini.
*-Bao*, indung/bapana buyut.
*-Janggawaréng*, indung/bapana bao.
*-Kaitsiwur,* indung/bapana janggawaréng.

3. 👨‍👩‍👧‍👦Ka Gigir

*-Adi,* dulur sahandapeun.
*-Lanceuk,* dulur saluhureun.
*-Emang/Paman,* lalaki, adina bapa atawa indung.
*-Bibi*, awéwé, adina bapa atawa indung.
*-Ua,* lanceuk bapa atawa indung.
*-Alo,* anak lanceuk.
*-Toa,* anak adi.
*-kapiadi,* anakna emang atawa bibi.
*-kapilanceuk,* anakna ua.
*-Incu ti gigir*, incuna adi.
*-Aki ti gigir*, lalaki, adina atawa lanceukna aki/nini.
*-Nini ti gigir*, awéwé, adina atawa lanceukna aki/nini.
*-Ua ti gigir*, anakna lanceuk aki/nini.
*-Emang ti gigir,* lalaki, anakna adi aki/nini.
*-bibi ti gigir*, awéwé, anakna adi aki/nini.

4. 👨‍👩‍👧‍👦Istilah séjénna

*-Adi Beuteung*, adina pamajikan/salaki.
*-Dulur sabrayna,* dulur misan, anak paman, bibi atawa ua.
*-Dulur teges,* dulur enya, saindung sabapa.
*-Indung téré,* pamajikan bapa, ngan lain anu ngalahirkeun urang.
*-Bapa téré,* salaki indung, ngan lain nu ngalantarankeun urang lahir.
*-Anak tére,* anak sampakan ti salaki atawa pamajikan.
*-Dulur patétéréan,* anak indung/bapa téré.
*-Cikal*, anak panggedéna.
*-Pangais bungsu,* lanceukna bungsu.
*-Bungsu*, anak pangleutikna.
*-Baraya laér,* baraya nu nurutkeun pancakaki geus jauh perenahna.
*-Teu hir teu walahir,* teu baraya saeutik-eutik acan.
*-Bau-bau sinduk,* baraya kénéh, sanajan geus laér.
*-Dulur pet ku hinis,* dulur teges.
*-Karuhun, luluhur,* jalma-jalma anu kungsi aya heulaeun urang,

_🍃mudah2an aya mangfa'atna kanggo urang 🍃_
Tatar Sunda Pasundan Pajajaran Parahyangan💙

Aya istilah pikeun rundayan, berarti baheula aya jinisna.
Mun aya 4 atawa 5 kaluhur/kahandap, berarti jelema baheula paranjang umur atawa ngadahup jatukrami dina umur nu ngora kènèh

Mimin butuh dukungannya lur...Lillaah lur niatkan sodaqoh Subscribe like comment dan share ya !
26/10/2021

Mimin butuh dukungannya lur...
Lillaah lur niatkan sodaqoh
Subscribe like comment dan share ya !

Jalan Sukamaju Sukanagara Jatinagara Ciamis dan Naretel Nagarawangi Panawangan hotmix euy.Walau di saat pandemi jalan penghubung antara desa Sukanagara Jatin...

Sahabat semua yang baik hati mohon dukungannya untuk subscribe like comment dan share youtube saya ya teman teman...Teri...
26/09/2021

Sahabat semua yang baik hati mohon dukungannya untuk subscribe like comment dan share youtube saya ya teman teman...
Terima Kasih
Semoga kesehatan dan keberkahan menyertai kita semua.

Cara mudah membuat pot bunga dari Sabut kelapa.mudah sekali kawan .jangan lupa dukung channel ini ya ... ...

04/08/2021

Sateuacan ngawitan dipedar, sim kuring tamada neda hapuntenna, bilih aya nami tempat, tokoh atapi sanés kanten nu patali sareng ieu carios, éta mah mung kaleresan, kumargi ieu carios mung sakadar rékaan.

Mangga nyanggakeun carios nu judulna "Paamprok Pakokolot"

“Paamprok_Pakokolot_1”
Ku : S.D

Wanci kakarék nincak di mangsana tunggang gunung. Tina radio nu nagog dina luhur palupuh, kadéngé juru dongéng midangkeun dongeng sunda nu judulna “Paamprok Pakokolot” nu naskahna kenging Kang Sukirman Dede kameumeut kuring.

Kuring nu keur diuk hareupeun hawu, teu eureun ngasur ngasurkeun suluh bari ngadagoan nu jadi pamajikan nu keur gégéroh di tampian, ngurunyung datang.

Ku anteng antengna ngadédéngékeun nu keur ngadongéng, lelembutan kuring siga nu teu sadar dibawa nganjang ka mangsa tilu puluh dua taun ka tukang.

Sanajan ayeuna kuring geus teu ngora deui, tur geus boga batur hirup nu tumarima kana kadar nu geus diguratkeun pikeun kuring, tapi lalakon dina éta dongéng nu sasat siga pisan jalan hirup kuring éstu teu bisa disalahkeun jadi cukang lantaran pikeun kuring naratas deui jalan panjang nu kungsi kaliwatan.
Kuring nu harita kelas 3 SMA, harita sasat dipaksa ku kaayaan, kudu ngaikhlaskeun Surti kapupus tina kahirupan kuring.

Surti nu pinter, Surti nu geulis Surti nu anak jelema jegud, tapi daék narima kuring nu istuning taya kaboga, jadi bébéné manéhna. Pikeun Surti kadeudeuh jeung kanyaah teu bisa kahalangan ku dunya barana.

“Kang, InsyaAllah pami abdi engké lulus abdi badé neraskeun kuliah ka Bandung.” nongtoréng deui sora Surti nu halimpu dina ceuli kénca kuring.

Aya rasa bungah nu pagaliwota jeung rasa nyeri nu ngageri dina haté kuring mangsa harita.
Bungahna sabab kuring yakin, cita cita Surti bakal kahontal sabab Surti nu pinter bakal karojong ku waragad da geus sidik anak jalma nu boga. Ari nu matak nyeri, naon nu bieu ditepikeun ku Surti siga nu teu langsung nanyakeun ka kuring, rék nuluykeun ka mana kuring mun seug engké jaga geus lulus.

Sakedapan kuring kur ngeluk tungkul, rasa bungah jeung nalangsa pagaliwota. Es kalapa nu harita aya di hareupeun kuring, milu muih lantaran teu eureun eureun ku kuring dikocékeun.

Muihna es batu nu kabawa muter, teu béda jeung jalan pikiran kuring nu muih néangan pijawabeun kana naon nu harita geus ditepikeun ku Surti ka kuring.

“Akang ngiring, rojong ku du’a Ti, pamugi naon nu dicita citakeun ku Surti, dikabul ku Alloh. Akang yakin, Surti pasti tiasa ngahontal naon nu dipikahoyong da Surti mah pinter.” ceuk kuring rada dumareda.

“Ngan akang mah masih kénéh bingung, duka bade neraskeun kamana pami jaga tos lulus téh.” ceuk kuring nyarita deui bari taya nu disumputsalindungkeun.

Surti teu némbalan, nu geulis sakedapan kur manco ka kuring pinuh kurasa deudeuh anu pohara. Surti yakin lamun lain lantaran masalah biaya, pikeun lalaki kasép nu ayeuna diuk di gigireun manéhna, sigana kuliah ka mana waé pasti bébénéna bakal ditarima, sabab keur pinter téh, istuning motékar sagala bisa.

“Kang, Kang...éta seuneu pareum!” kadéngé sora awéwé, nu kakarék datang bari ngéngélék boboko, ngagareuwahkeun kuring nu keur anteng diayun ambing ku lamunan. (hanca)

26/06/2021

Ku keukeuh nulis:
Punteun
Wilujeung
Sareung
Kaleum
Anggeur

Salah éta téh, naha sok maksa? Atawa tara maca anu ngabebener?
Lain kuring ngarasa pinter sorangan, tapi ngabéjaan téh dina raraga ngamumulé basa indung urang, da kuring gé loba kénéh nu can nyaho anu nungguan dibéré nyaho, kuring gé loba salah keur nungguan anu ngomékeun.
Dina sawatara kecap lamun salah nulis bisa béda harti. Tengetkeun, rasakeun kumaha ngalisankeunana éta kecap saméméh ditulis, naha éta téh 'e' atawa 'eu'.

Kadeu maraneuh ulah ngajeujeuleh jeuleuma bisi batur te reuseupen ka maneuh, te menang kitu nya.........

25/06/2021

*KUDU KUMAHA ?*

Ngahaja poé ieu mah balik ti pagawéan téh beurang kénéh, hayang ngajak barudak jeung indungna dahar di luar.

Nepi ka imah, ngahaja mobil teu diasupkeun ka garasi. Can gé pok ngucapkeun salam, pamajikan geus leuwih tiheula méré salam bari nyium leungeun. Siga biasana, terus ku kuring dicium tarangna.

"Barudak kamana Bu?", kuring nanyakeun barudak, asa sarepi di imah téh.
"Biasa malem Minggu, tadi aya bibina ka dieu, ngajak barudak ngéndong di bumina". Jawab pamajikan bari ngaléng ka jero.
"Lebetkeun wé Pa mobilna, Ibu nuju teu hoyong kamamana, tadi Ibu masak seueur deuih kalandep Bapa, semur jéngkol, sambel sareng beuleum peda beureum", ceuk pamajikan.

Sanggeus bérés mandi, sholat jeung dahar, pamajikan nungtun ngajak diuk di rohangan hareup. Panonna ngarérétan ka imah tatangga di hareup, siga aya nu rék dituduhkeun ka kuring.

"Pa, Ibu ngahaturkeun nuhun ka Bapa. Ibu kacida bagjana janten istri Bapa. Bapa nu pinuh ku tanggel waler, sabar, pinuh ku kadeudeuh, romantis. Pokona luar biasa... Ibu kacida bagjana...", pokna bari nangkeup jeung neuteup geugeut.
"Sawangsulna geulis..., Bapa ogé kacida bagjana gaduh bojo siga Ibu. Ibu nu sabar, nyaahan, pinuh ku kadeudeuh. Luar biasa pokona mah", kuring némbalan bari mageuhan tangkeupan kana awakna, teu poho nyium biwirna nu ipis.
"Tapi aya hiji pamundut Ibu ka Bapa, anu bakal nambihan kabagjaan Ibu upami Bapa kersa nyaosan pamundut Ibu ieu", manéhna neruskeun omonganna.
Bari ngaréka-réka kuring malik nanya, "Na naon atuh kahoyong Ibu téh?".

"Pa..., Bapa uninga pan, Néng Nina nu carogéna ngantunkeun sataun kapengker?".
"Nya pasti terang atuh, pan unggal dinten gé pendak. Na kumaha kitu?", kuring neuteup bari panasaran.
"Saprak carogéna ngantunkeun, anjeunna tara aktip deui di pangaosan ibu-ibu. Tara ngawuruk barudak ngaos di bumina. Margi waktosna séép kanggo nyiar kipayah kaditu-kadieu. Malihan dugi ka buburuh nyeuseuh di bumina Pa Odang. Anjeunna janten cicingeun, cuang cieung siga nu teu gaduh pamuntangan. Marurangkalihna ogé sami teu siga kapungkur, siga nu minder upami diajak ameng ku barudak urang téh, tara arameng deui ka dieu, karunya Pa...", Ceuk pamajikan bari semu ngageuri.
"Teras naon masalahna? Kantun pasihan atuh ku Ibu artos, sembako tiap sasih. Pan éta barudak yatim janten tanggel waler urang ogé salaku tatangga pangcaketna". Kuring ngajawab bari neuteup manéhna.
"Sanés éta masalahna Pa, upami sakadar kitu mah ku Ibu tos dilaksanakeun tiap sasih ogé. Tapi aya hal nu langkung penting anu badé didugikeun ka Bapa, kitu ogé upami Bapa hoyong ningal Ibu langkung bagja", ceuk pamajikan bari tungkul.

Ngadéngé kitu, lain panasaran ayeuna mah, tapi curiga jeung aya rasa was-was.

"Sok nyarios nu jelas atuh, naon kahoyong Ibu téh, Bapa janten bingung ieu téh", kuring neuteup pamajikan nu angger tungkul.
"Pa, aya nu langkung diperyogikeun ku aranjeunna salian ti materi, nu teu tiasa digaleuh ku artos atanapi ku naon waé. Aranjeunna peryogi tungtunan, panyalindungan, perhatian sareng peryogi kaasih sarta kanyaah. Supados kahirupan aranjeunna siga bihara bihari deui. Ibadah aranjeunna ogé tiasa langkung saé deui. Éta sadayana mung urang nu tiasa masihan, utamina Bapa". Pamajikan panjang lébar ngomongna bari reumbay cipanon.
"Tikah ku Bapa Néng Nina téh. Jantenkeun anjeunna rai maru Ibu. Kiatkeun kaimanan Ibu ku jalan diajar ihlas nampi kanyaah Bapa nu dibagi dua", pokna deui. Ayeuna mah bari diuk sungkem dina lahunan kuring.

Asa ngadéngé sora gelap tengah poé éréng-éréngan ngadéngé kalimahna nu pandeuri. Kuring jadi teu bisa ngomong. Laju taktakna dicepeng bari dicengkatkeun. Panonna diteuteup, aya cahaya cinta jeung kaihlasan di jerona.

"Ibu sadar nembé nyarios naon?", kuring negeskeun omongana.
"Sadar pisan Pa, hal ieu tos lami janten émutan Ibu, tos diperhétangkeun sagalana. Ibu yakin, Bapa bakal sanggem ngajalankeuna", manéhna terus ngayakinkeun kuring.
"Bu..., teu kantos aya sakedik ogé dina manah Bapa kanggé midua manah. Moal téga Bapa ngalakukeunana. Bapa nyaah pisan sareng deudeuh ka Ibu. Kumaha tiasana Bapa midua haté, Bapa mung hoyong aya Ibu wungkul nu ngeusian haté Bapa. Bapa mung hoyong anak-anak Bapa lahir tina rahim suci Ibu". Kuring nyarita bari sakuat tanaga nahan cipanon nu maksa kaluar, teu sangka bakal ngalaman kajadian kieu.

Kuring can bisa méré jawaban nu pasti ka pamajikan, lain teu ngarti hukum poligami dina syaréat agama Islam, lain teu hayang meunang ganjaran nu gedé mikanyaah budak yatim.

Ngan...... kaburu kadéngé sora nu tahrim ti Masigit ngageuingkeun kuring nu keur tibra saré bari ngimpi dititah nyandung.

T A M A T

Address

Ciamis

Website

Alerts

Be the first to know and let us send you an email when NGAMUMULÈ BASA SUNDA posts news and promotions. Your email address will not be used for any other purpose, and you can unsubscribe at any time.

Share

Category