BEBAS Belajar Bahasa Sunda

BEBAS Belajar Bahasa Sunda Tolong bantu Like juga fanspage ini ya http://facebook.com/harissciamis

25/06/2021

*KUDU KUMAHA ?*

Ngahaja poé ieu mah balik ti pagawéan téh beurang kénéh, hayang ngajak barudak jeung indungna dahar di luar.

Nepi ka imah, ngahaja mobil teu diasupkeun ka garasi. Can gé pok ngucapkeun salam, pamajikan geus leuwih tiheula méré salam bari nyium leungeun. Siga biasana, terus ku kuring dicium tarangna.

"Barudak kamana Bu?", kuring nanyakeun barudak, asa sarepi di imah téh.
"Biasa malem Minggu, tadi aya bibina ka dieu, ngajak barudak ngéndong di bumina". Jawab pamajikan bari ngaléng ka jero.
"Lebetkeun wé Pa mobilna, Ibu nuju teu hoyong kamamana, tadi Ibu masak seueur deuih kalandep Bapa, semur jéngkol, sambel sareng beuleum peda beureum", ceuk pamajikan.

Sanggeus bérés mandi, sholat jeung dahar, pamajikan nungtun ngajak diuk di rohangan hareup. Panonna ngarérétan ka imah tatangga di hareup, siga aya nu rék dituduhkeun ka kuring.

"Pa, Ibu ngahaturkeun nuhun ka Bapa. Ibu kacida bagjana janten istri Bapa. Bapa nu pinuh ku tanggel waler, sabar, pinuh ku kadeudeuh, romantis. Pokona luar biasa... Ibu kacida bagjana...", pokna bari nangkeup jeung neuteup geugeut.
"Sawangsulna geulis..., Bapa ogé kacida bagjana gaduh bojo siga Ibu. Ibu nu sabar, nyaahan, pinuh ku kadeudeuh. Luar biasa pokona mah", kuring némbalan bari mageuhan tangkeupan kana awakna, teu poho nyium biwirna nu ipis.
"Tapi aya hiji pamundut Ibu ka Bapa, anu bakal nambihan kabagjaan Ibu upami Bapa kersa nyaosan pamundut Ibu ieu", manéhna neruskeun omonganna.
Bari ngaréka-réka kuring malik nanya, "Na naon atuh kahoyong Ibu téh?".

"Pa..., Bapa uninga pan, Néng Nina nu carogéna ngantunkeun sataun kapengker?".
"Nya pasti terang atuh, pan unggal dinten gé pendak. Na kumaha kitu?", kuring neuteup bari panasaran.
"Saprak carogéna ngantunkeun, anjeunna tara aktip deui di pangaosan ibu-ibu. Tara ngawuruk barudak ngaos di bumina. Margi waktosna séép kanggo nyiar kipayah kaditu-kadieu. Malihan dugi ka buburuh nyeuseuh di bumina Pa Odang. Anjeunna janten cicingeun, cuang cieung siga nu teu gaduh pamuntangan. Marurangkalihna ogé sami teu siga kapungkur, siga nu minder upami diajak ameng ku barudak urang téh, tara arameng deui ka dieu, karunya Pa...", Ceuk pamajikan bari semu ngageuri.
"Teras naon masalahna? Kantun pasihan atuh ku Ibu artos, sembako tiap sasih. Pan éta barudak yatim janten tanggel waler urang ogé salaku tatangga pangcaketna". Kuring ngajawab bari neuteup manéhna.
"Sanés éta masalahna Pa, upami sakadar kitu mah ku Ibu tos dilaksanakeun tiap sasih ogé. Tapi aya hal nu langkung penting anu badé didugikeun ka Bapa, kitu ogé upami Bapa hoyong ningal Ibu langkung bagja", ceuk pamajikan bari tungkul.

Ngadéngé kitu, lain panasaran ayeuna mah, tapi curiga jeung aya rasa was-was.

"Sok nyarios nu jelas atuh, naon kahoyong Ibu téh, Bapa janten bingung ieu téh", kuring neuteup pamajikan nu angger tungkul.
"Pa, aya nu langkung diperyogikeun ku aranjeunna salian ti materi, nu teu tiasa digaleuh ku artos atanapi ku naon waé. Aranjeunna peryogi tungtunan, panyalindungan, perhatian sareng peryogi kaasih sarta kanyaah. Supados kahirupan aranjeunna siga bihara bihari deui. Ibadah aranjeunna ogé tiasa langkung saé deui. Éta sadayana mung urang nu tiasa masihan, utamina Bapa". Pamajikan panjang lébar ngomongna bari reumbay cipanon.
"Tikah ku Bapa Néng Nina téh. Jantenkeun anjeunna rai maru Ibu. Kiatkeun kaimanan Ibu ku jalan diajar ihlas nampi kanyaah Bapa nu dibagi dua", pokna deui. Ayeuna mah bari diuk sungkem dina lahunan kuring.

Asa ngadéngé sora gelap tengah poé éréng-éréngan ngadéngé kalimahna nu pandeuri. Kuring jadi teu bisa ngomong. Laju taktakna dicepeng bari dicengkatkeun. Panonna diteuteup, aya cahaya cinta jeung kaihlasan di jerona.

"Ibu sadar nembé nyarios naon?", kuring negeskeun omongana.
"Sadar pisan Pa, hal ieu tos lami janten émutan Ibu, tos diperhétangkeun sagalana. Ibu yakin, Bapa bakal sanggem ngajalankeuna", manéhna terus ngayakinkeun kuring.
"Bu..., teu kantos aya sakedik ogé dina manah Bapa kanggé midua manah. Moal téga Bapa ngalakukeunana. Bapa nyaah pisan sareng deudeuh ka Ibu. Kumaha tiasana Bapa midua haté, Bapa mung hoyong aya Ibu wungkul nu ngeusian haté Bapa. Bapa mung hoyong anak-anak Bapa lahir tina rahim suci Ibu". Kuring nyarita bari sakuat tanaga nahan cipanon nu maksa kaluar, teu sangka bakal ngalaman kajadian kieu.

Kuring can bisa méré jawaban nu pasti ka pamajikan, lain teu ngarti hukum poligami dina syaréat agama Islam, lain teu hayang meunang ganjaran nu gedé mikanyaah budak yatim.

Ngan...... kaburu kadéngé sora nu tahrim ti Masigit ngageuingkeun kuring nu keur tibra saré bari ngimpi dititah nyandung.

T A M A T

31/03/2021

BASA SUNDA

B. Rarangkén Hareup di--

a. Ngawangun harti pagawéan
' ngalakukeun ' ( aktip ). Conto :
- diajar
" Udin keur DIAJAR ngojay "

b. Ngawangun harti pagawéan
' maké ' ( aktip ). Conto :
- dicalana
" Lamun rék rapat, kudu
DICALANA panjang..."

c. Ngawangun harti pagawéan
' ngaluarkeun sora' ( aktip).
Conto :
- disada
" Kunaon radio téh teu DISADA?"

d. Ngawangun harti pagawéan
'dihaja' ( pasip ). Conto :
- ditajong
" Bola DITAJONG ku kuring ".

e. Ngawangun harti pagawéan
' ku/maké ' ( pasip ). Conto :
- diragaji
" Kai kudu DIRAGAJI heula.."

f. Ngawangun harti pagawéan
' dijieun jadi ..' ( pasip ). Conto :
- dikadék
" Lamun hayang téréh potong
kudu DIKADEK heula dahan téh"

g. Ngawangun harti pagawéan
' dibéré ' ( pasip ). Conto :
- dihampura
" Manéhna kudu DIHAMPURA,
sanajan boga salah"

Cag, mugia magpaat.

Nyambung.....

's68.

18/03/2021

BASA SUNDA

Rarangkén Hareup.

Rarangkén Hareup N--.

Rarangkén Hareup N-- disebat ogé Alomorf / Variasi anu ngandung harti lamun nyambung atanapi ngantét kana kecap wangun dasar anu dimimitian ku hurup konsonan atanapi hurup vokal, rarangkén N-- éta bakal robah sorana.

Mangga urang sami-sami tengetan :

a. Rarangkén N-- robah sora jadi m--
N-- nyambung/ngantét kana kecap
anu wangun dasarna dimimitian ku
hurup konsonan b jeung p.
Conto :
- baca jadi maca
- bayar jadi mayar
- pacok jadi macok
- pacul jadi macul
jeung sajabana ti éta

b. Rarangkén N-- robah sora jadi n--
N-- nyambung/ngantét kana kecap
anu wangun dasarna dimimitian ku
hurup konsonan t.
Conto :
- taros jadi naros
- téké jadi néké
- tebak jadi nebak
- tanya jadi nanya
- tulis jadi nulis
jeung sajabana ti éta.

c. Rarangkén N-- robah sora jadi ng--
N-- nyambung/ngantét kana kecap
anu wangun dasarna dimimitian ku
hurup konsonan k jeung hurup
vokal.
Conto :
- kocok jadi ngocok
- kulon jadi ngulon
- karang jadi ngarang
- abdi jadi ngabdi
- ajul jadi ngajul
- irit jadi ngirit
- usir jadi ngusir
- olo jadi ngolo
jeung sajabana ti éta.

Cag heula, mugia mangpaat.
Bilih aya anu kirang sapagodos, mangga urang sami-sami ngaropéa.

's68

15/03/2021

Sampurasun....

Ngabandungan atanapi nalungtik kana sababaraha jalmi urang Sunda, hususna dina seratannana, sok seueur anu lepat kénéh ngalarapkeun antawis hurup Sunda É/é (téléng), E/e (pepet) sareng Eu/eu..
Hususna nyerat antawis E/e ( pepet )
sareng Eu/eu..
Contona:
- Peuting > diserat Peting ( salah )
- Beuteung > diserat Beteng ( salah )
- Peuyeum > diserat Peyem (salah )
- Pareum > diserat Parem ( salah )

Mangga urang diajar sasarengan, cara nyerat anu leres...:
1. Hurup É/é ( téléng ), dicurekan di
luhurna. Conto :
- Téko > wadah cai
- Toké > ngaran sato
- Kélék. > bagéan dina awak
Jeung sajabana.
* Hurup E/e ( pepet ) nganggo curek
diluhurna jante É/é ( téléng )

2. Hurup E/e ( pepet ) teu dicurekan
diluhurna. Conto :
- Teras > terus
- Cekel > cepeng (Bhs. Ind :
pegang )
- Cepil > ceuli (Bhs. Ind.: telinga)
Jeung sajabana.

3. Hurup Eu/eu. Conto :
- Beurang > siang
- Beunghar > kaya ( Bhs. Ind.)
- Peuteuy > ngaran lalab
- Peuyeum > tape ( Bhs. Ind )
Jeung sajabana..

Cag. Mugia mangpaat.

's68

Salam SehatSalam Semangat Luar biasaSahabat Semua Mohon bantuannya untuk subscribe dan mampir di channel youtube saya .H...
28/02/2021

Salam Sehat
Salam Semangat Luar biasa

Sahabat Semua Mohon bantuannya untuk subscribe dan mampir di channel youtube saya .
Harapan bisa jadi youtuber yang bisa mendapatkan penghasilan dan tentunya
Harapan saya bisa jadi youtuber yang dapat memberi manfaat kepada sesama umat seperti Kang Dedi Mulyadi dan Baim Wong dan yang lainnya.
Caranya mudah sekali hanya klik link/tautan di bawah ini kemudian tonton sebentar dan klik tombol subscribe.
Saya Ucapkan terimakasih dan saya doakan yang mengunjungi dan mensubscribe channel saya Di berikan kesehatan selalu dan mendapat rezeki yang mengalir deras halaal dan barokah manfaat dan di qobulkan segala hajatnya .
Aaamiiin

Ini link channel youtube saya
Di tunggu subscribenya
⬇️⬇️⬇️⬇️⬇️⬇️⬇️⬇️⬇️⬇️⬇️

Aneka Tanaman Herbalku

24/01/2021

Luhureun hateup eurih nu ngéntép patéép. Ngajéngjréng poé peda jeung pépéték.
Di émpér atawa tepas, ngabayak génjér meunang meungkeutan.
Léos ka pipir neba kebon nu dipelakan honjé, konéng, cau lampénéng. Sampeu keur peuyeumeun, atawa beuleumeun.
Ngan awas loba seungseureudan nu peurahna matak nyilakakeun.
Soré-soré réang tongérét, mapag sareupna maju ka poék.
Barudak ocrét rék ka pasantrén, maraké kopéah déplé, disamping poléng nu hapeuk kurang poé.
Peuting simpé...nu saré nyalegrék kérék.

24/01/2021

ᮞᮙ᮪ᮕᮥᮛᮞᮥᮔ᮪
Sampurasun

BASA SUNDA

Tatakrama Basa Sunda
( Undak Usuk Basa Sunda )

Kecap BATUR, BABATURAN, RÉRÉNCANGAN.

1. Kecap BATUR.
Biasana dianggo dina Basa Loma, nya éta nalika
urang nuju ngobrol sareng batur anu parantos loma
( nyobat ).
Conto :

Carmad :
" Kabayan, BATUR manéh téh saha anu ti Bandung?"
Kabayan :
" Anu mana Mad ? BATUR urang mah ngarana Ujang "

2. Kecap BABATURAN, RÉRÉNCANGAN.
- Kecap BABATURAN dilarapkeun kanggo ka urang
nyalira.
- Kecap RÉRÉNCANGAN dilarapkeun kanggo ka batur
anu saluhureun atanapi batur sahandapeun anu di-
hormat.
Conto :

Pa lurah :
" Mang, saha éta ? RÉRÉNCANGAN sanés ?"
Kabayan :
" Sumuhun pa, BABATURAN abdi ti Bandung "

* Pa lurah nyebat kecap RÉRÉNCANGAN dilarapkeun
kanggo ka batur / Kabayan. ( Merenah ).
* Kabayan nyebat kecap BABATURAN, dilarapkeun
kanggo Kabayan nyalira. ( Merenah )

Hayu urang diajar sasarengan dina ngalarapkeun Basa
Sunda anu merenah, saluyu sareng Tatakrama Basa
Sunda ( Undak Usuk Basa Sunda ).

Cag, mugia mangpaat.



Cikampek, Minggu ( tabuh : 02.33 ), 24 Januari 2021.

's68

05/12/2020

Wilujeng Enjing Baraia Wilujeng Enjing Dunia Wilujeng ngopi

Selamat Pagi Orang Indonesia

27/11/2020

"Sapanjang jalan soréang
Moal weléh di aspalan
Sapanjang acan ka sorang
Moal weléh di akalan."

10/02/2020

Address

Mekarsari
Ciamis

Website

Alerts

Be the first to know and let us send you an email when BEBAS Belajar Bahasa Sunda posts news and promotions. Your email address will not be used for any other purpose, and you can unsubscribe at any time.

Share

Category